Sora ti puseur kahéman

Sora ti puseur kahéman

Rin Riani, Ambu Nazwa, Ani Hérliani Bachtiar, Juju Arienasa, Néna Cunara [dan 5 lainnya]

0.0

Puisi, Antologi Puisi, Sastra

Login untuk Sewa / Beli

Boa


Ukur catur anu kaukur sanajan mindeng mawur
Rékaan basa nu kabaca, sanajan mindeng aya sora anu rohaka
Nyoréang mangsa ka tukang
Geugeut gula jeung peueutna
Taya angen-angen anu disidem

Ceurik seuri midangdam lain gundam
Jiga nu ngagugat jeung nyuat-nyuat
Jiga anu cangcaya kana basa nu ngalisan

Boa,
Pedah reuntas cecekelan pikir nyeri katimbris ku polahna
Antukna ngalahir rasa nu béda
Nyaluuh kana lahunan mawa tunggara raga