Kolényay, Jebét! Jebét deui. Jebét deui. Riyeg! Lemah ngariyeg. Lini!? Riyeg! Riyeg beuki kerep. Satuluyna, bumi adu-gabrut. Kitu deui, dipan pangsaréan kuring, adu-gabrut. Anéh. Ngadadak pangsaréan anu geus mangtaun dijadikeun tempat pangreureuhan téh motah, rohaka nakeran.